Di Indonesia,
umumna masyarakat islam osok ngalaksanakeun pangeling-eling atanapi miemut kana
dipedalkeun nana junjunan urang sadaya wastana Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Tah dina ngandika
keun nana sering kadangu aya nu nyebat Maulud oge Maulid teras
hususna di kalangan masyarakat sunda sok disebat Muludan.
Upami kuurang dititenan, Mana nu leres
antawis Maulud sareng Maulid? Sapamendak simkuring kieu béjér
béasna.
Saleresna 2 kecap
eta teaya nu lepat, sami-sami kecap asalna tina وَلَدَ
- يلدُ Hartos maulid tiasa (1) énggon
kalahiran atanapi (2) waktos kalahiran, kumargi maulid mangrupikeun اسم مكان (tempat) atanapi اسم
زمان (waktu).
Salajeungna upami maulud
ngagaduhan hartos anu dipedalkeun, mangrupikeun اسم مَفْعُلْ (objek). Salajeungna jaman kiwari mah
sering kadangu nonoman anu ngagunakeun kecap milad, biasana kecap ieu
dilarapkeun salaku gegentos kecap milang kala kanggo jalmi,
organisasi, atanapi instansi. Kecap milad ieu mangrupikeun اسم مصدر (katerangan objek nu sipatna abstrak).
Cindekna, maulid
mangrupikeun tempat atanapi waktos kalahiran. Janten hartos maulid nabi kirang
langkung nyaeta tempat atanapi waktos kalahiran Nabi. Kukituna pangeling-eling
maulid Nabi tiasa dihartoskeun pangeling-eling waktos kalahiran nabi atanapi
umumna ditempel pangeling-eling kalahiran Nabi. Sawalerna kecap maulud Nabi
nétélakeun yén anu dipedalkeun (nyaeta) Nabi.
Rupina sakitu hela nu kapihatur, kirang
langkung na neda agung cukup lumur jembar hapuntenna. Mudah-mudahan urang tiasa
nyonto tapak talajak nabi anu rahmatan lil alamin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar